Teks Kata-Kata Untuk Mengiringi Sungkeman Pernikahan Bahasa Sunda

Image from https://unsplash.com/@beatriz_perez

Sungkem ka Ibu Masing-masing

Ema,,,! Ieu abdi, salapan sasih abdi dikandung ku ema. Abdi kantos ngaheurinan rahim ema, ema anu karepotan, nyanggigir lain, nangkarak salah, dicandak beurat, ari dikintun piraku. Gubrag lahir ka alam dunya, diwuruk, dipangku ku kadeudeuh ema. Ditimang diayun ambing, dicium digalentoran, lir nanggeuy endog beubeureumna.  Golontor kabungah jeung kanyaah teu nolih kana netesna darah. Cipanon anu ngeclak teu ieu dipirosea, tanaga nu kakuras akibat awak jadi lemah. Malah nyawa anu ditarohkeun ku ema, teu dikoretkeun demi ngabela abdi. Kuru cileuh keunteul peujit akibat ngurus, ngaping, ngajaring jeung ngadidik abdi siang jeung wengi. 

Ema,,,! Abdi nyanggakeun kana kalepatan abdi. Kaasih jeung kadeudeuh ema teu acan kapulang tarima. Nu puguh mah sering nampi pilara tina laku abdi anu mempar tina papagon agama. Manah ema sering rahet, cai panon sering ngeclak nalika abdi daek minculak. Kukituna mugia ema ageung sihapunteun, jembar hampura ka pribadi abdi anu tuna. 

Ema,,,! Abdi dumehes di payuneun ema, seja nyuprih pidu’a ema. Tangtos kasaksen ku ema, dumeh kiwari abdi nete taraje, ngambah hambatan, lalayaran dina sagara rumah tangga. Tinangtos berat nyuhun berat naggung, berat nanggung jawabkeunana, kukituna pidu’a anu diseja.


Papatah Ti Ibu Masing-Masing

Ujang,,,! Nyai,,,I Hidep jungjunan kalbu, hideup anak ema, anu jadi buah hate ema. Hidep entong loba wakca, da kalah nambahan rambisak. Kacape, kalungse, kasedih jeung kanalangsa, kiwari ilang nyinglar tina hate ema. Anu aya ukur kabungah, anu nyampak ukur kanyaah. Ema teu nyuprih panyait, teu malar pamulang, estu rido seja lalanjang. Lampah hidep anu salah dihampura pisan ku ema. Teu aya saeutik oge unek-unek dina hate, teu aya gantar kakaitan, bersih ikhlas, bersih jalan sasapuan. Caang nyacas ibarat purnama tanggal opat belas.

Uajng,,,! Nyai,,,! Didu’akeun pisan ku ema. Sing tenang, sing tentrem, sing mulus rahayu berkah salamet. Jauh balai, parat rejeki, aya dina ridho jeung magfiroh gusti nu maha suci.

Ujang,,,! Nyai,,,! Geura cengkat ngangkat sirah, geura menta hampura ka bapa.


Sunkem Ka Bapa Masing-Masing

Bapa,,,! Abdi cumeluk di payuneun bapa, seja rumaos sareung tumarima, kana laku jeung lampah abdi anu salah. Rumaos abdi tukang wangkelang, bedegong tara turut kana papatah nu janten rama, bobot pangayon aya disalira bapa.

Bapa,,,! Hampura anu kateda, tanaga anu dikerahkeun ku bapa, emutan anu dipuserkeun, sareng sagala rupina, rumaos teu acan kapulang tarima. Mugia bapa ageung pangampura. Salajeungna, abdi jeblog ku dosa, seja jihad du’a. wireh kiwari abdi kokojayan dina carita nyata, nyaeta rumah tangga, nutur laku rosul, ngalaksanakeun parentah pangeran.


Papatah Bapa Masing-Masing

Bral anaking anak bapa. Dido’akeun pisan ku bapa. Kasalahan hidep dihampura pisan ku bapa. Tong ngingeut-ngingeut jasa bapa, da eta mah kawajiabn bapa. 

Ujang,,,! Nyai,,,! Ayeuna mah buleudkeun tekad, hidep rek nyorang sagara rumah tangga. Dadasaran ku niat anu hade, bari dipikasieup ku takwa ka Alloh ‘Azza Wajalla. Tangtu dodoja jeung cocoba baris nyampak ka hidep duaan, bakal atra karasana. Rumah tangga lain sapoeeun, tapi saumur hirupeun. Ulah mundur sasiku, ngejat satapak. Didu’akeun ku bapa sing salamet, hasil anu dicita-cita, bari teu lesot tina rohmat jeung karunia Alloh. Poma ulah ditinggal tugas utama, solat anu lima waktu, jeung kawajiban anu sanesna.

Ujang,,,! Nyai,,,! Bral geura menta hampura jeung du’a ka iburama anjeun anu anyar.


Sungkem Ka Mertua Istri

Ema,,,! Ampun paralun isin dikedalkeunana, berat diucapkeunana. Tangtos kauninga, diri abdi anu kieu buktosna, rupi jauh nandingan arjuna jeung srikandina. Sumping teu ieuh cacandakan, aku kosong eusianen, lambut kosong eusianen. Kawawuh lieuk euweuh ragap teu aya, nyanggakeun sadaya-daya. Namung sok sanaos kitu, abdi hoyong diangken janten putra ema, wireh katali kapatri ku putra ema, pikeun ngaheuyeuh dayeuh ngolah rumah tangga.

Ema,,,! Ieu abdi putra anu enggal, neda piwulang sareng piwuruk ti ema, sangkan abdi tiasa sasarengan sareng pun bojo, sareng pun lancek, kalayan aya dina mawadah, warohmah.


Papatah Ti Mertua Istri

Anaking,,,! Hidep diangkeun pisan ku ema, moal disaha-saha, sarua wae anak ema. Ema bakal mikanyaah ka hidep, ema moal ngawilah-wilah, mihape salaki anjeun, mihape pamajikan anjeun, kudu babarengan dina katakwaan ka pangeran.

Anaking,,,! Ku ema di du’akeun. Hidep sing panggih jeung kasinugrahan, tentrem lahir bathin, aya dina rido Alloh. Ngan kahade, ulah poho kanu jadi indung bapa. Sabab indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat.

Bral geura menta du’a ka bapa anjeun.


Sungkem Ka Mertua Pameget

Bapa,,,! Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genteng belokeun, abdi nyanggakeun sadaya-daya, abdi tos wantun rurumpaheun dipangkonan bapa. Maksadna mah hoyong diangkeun janten putra bapa. Wireh katali iket tikah ku tuang putra. Sanaos teu aya anu disanggakeun, kajaba awak sakujur sareng reregedna, hapunten anu kasuhun. Salajeungna abdi neda pidu’a, sangkan hirup abdi salamina aya dina ridho pangeran.


Papatah Ti Mertua Pameget

Tos Ujang,,,! Nyai,,,! Teu pantes hidep sasauran kitu. Insya Alloh sakamampuan bapa, bapa rek ngabingbing ka hidep. Bapa nyaah ka hidep, lantaran hidep nu rek nuluykeun lalakon bapa ka hareup. 

Ayeuna mah sing sobar narima kana kanyataan. Ieu kabeh estuning kudrot jeung irodat pangeran, anu tiba ka anjeun duaan. Sing deket ka pangeran, sabab manehna anu parantos dipenta pitulungna, mantena anu parantos ngurus, ngajaring ka urang sadaya. Poma laksanakeun parentahna, tinggalkeun laranganana.  

Bral geura cengkat, geura tandang makalangan, sanghareupan sagala nu bakal datang.

-----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------

Disclaimer, aku kebetulan dapat teks ini dari flashdisk salah satu keluarga yang aku benerin filenya (karena disembunyikan virus), setelah aku cek pakai duplichecker ternyata ada source aslinya, aku posting tulisan ini untuk catatan pribadiku saja siapa tahu suatu saat aku butuh teks ini aku bisa liat langsung di blog ku (kalau cari lagi via google khawatirnya ga ketemu,  kalau disimpen di komputer tau sendiri deh kadang lupa lokasi hehehe), jadi buat kalian yang mau mengunjungi source aslinya kalian bisa klik link ini:

http://yayasanpondokpesantrenalistiqomah.blogspot.com/2012_07_01_archive.html

Post a Comment

Previous Post Next Post