Contoh Teks Sambutan Sohibul Bait atau Sohibul Hajat Pada Acara Haulan Bahasa Sunda

Farihin Muhamad
0
Image from https://www.pexels.com/@chattrapalsingh/

Bismillahirrohmanirrohim, Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Alhamdulillahirobbil'alamin assolatu wassalamu 'ala asrofil anbyai wal mursalin wa'ala alihi wasohbihi ajma'in ama ba'du.

Hadirin wal hadiroh para wargi sadaya nu ku simkuring dipihormat, langkung ti payun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka gusti nu maha gofur, dzat nu maha luhur, pangeran nu wajib diibadahan ku urang sadaya rupina Allah ajja wa jalla bikaulina Alhamdulillahirabbil 'alamin. Jalaran takdir ti mantena, urang sadaya tiasa kempel ngariung mungpulung bongkok nyaronyok diieu patempatan dina raraga Halal bilhahalan sareng haolan keluarga besar (nama keluarga).

Sholawat miwah salam pamugia dilimpahcurahkeun ka jungjungan urang sadaya habibana wa nabiyana Muhammad S.A.W., ka kulawargina, para sahabatna, tabiin tabiat na, sareng mugi-mugi urang sadaya salaku umatna kengin syafaat ti mantena di yaumil jaza, amin ya Alloh ya robbal 'alamin.

Hadirin para wargi sadaya anu insyaalloh dimulyakeun ku Alloh S.W.T., sateuacan pajang sinareng lebar pribados nyarios dina ieu waktos, nyuhunkeun widi ti para kasepuhan sadaya, wirehna pribados kaamanatan ti kulawargi didieu janten perwakilan sohibul bait atanapi sohibul hajat nu panginten baris ngadugikeun sababaraha perkawis nu diantawisna nyaeta ngahaturkeun wilujeng sumping sareng hatur nuhun nu saageung-ageungna ka para wargi samudayana ti palihan (daerah mana saja), nu parantos ngaluangkeun waktos kangge nyumpingan ieu acara. Mugia ieu acara tiasa janten wasilah kangge urang sadaya kana ningkatkeun silaturahmi sareng ibadah ka gusti Alloh S.W.T., oge mugi-mugi ieu acara diwuwuh ku rohmat magfiroh tur kabarokahan ti Alloh S.W.T.

Salajengnya nyuhunkeun dihapunten bilih aya nu kirang saluyu kana manam para wargi sadayana, boh dina tuangeun nana, leueuteun nana, atanapi dina panampian na, kahoyong mah ieu teh sagala diaya-aya nyuguhan teh nu matak sugema, mung kumaha deui da sakieu buktos na, sakalai deui pribados nyuhunkeun jembarna pangapunten ti wargi sadayana.

Panginten sakitu wae anu tiasa dipihatur, Allohul muwafik ila aqwamitthariq wabillahi taufik wal hidayah, wassalau'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Tags:

Post a Comment

0Comments

Post a Comment (0)